
UPCOMING
Nganteur Tineung Ngumbar Kelar (Statistics of Dreams Edisi Bahasa Sunda)
Author: Juhaeri
Category: Biography
Nganteur Tineung, Ngumbar Kelar téh sasatna lalakon kaleukeun jeung kagagal, kaunggul jeung kapeurih, kamapanan jeung kaharoong. Juhaeri, nu gumelar di imah ngupuk sabru-brueun rubuh di wewengkon Pinangraja, Majalengka, ancrub jeung teuleum dina sagara obsési anu tan jugjugan. Pamustunganana jog ka New Jersey, Amerika, ka dunya nu sama sakali teu kagambar méméhna.
Teu kacipta ti anggalna, Juhaeri bakal diangkat jadi vice president di salasahiji pausahan farmasi panggedéna di sadunya. Atuh dijungjung lungguh jadi adjunct professor di salasahiji universitas pangkahotna di Amerika gé lain cita-citana deuih. Ngan, éta pisan nu dilakonan ku Juhaeri kiwari. Nu pangnembrésna dina dedek angen-angenna nya kabagjaan kulawarga, sabenerna mah. Tapi éta pisan deuih nu matak tuluy mawa handeueul teu anggeus-anggeus téh.
Nganteur Tineung, Ngumbar Kelar téh eusina éstuning lalakon hirup nu remen nyéngcang tina sakur itungan, da hantem midangkeun rénjagan-rénjagan nu teu kawangwang ti anggalna.